GLOBALISASI VS KABUDAYAAN SUNDA
Jaman kiwari atawa jaman now
leuwih kasohorna mah , asa beuki karasa wae dampak tina globalisasi.
Globalisasi, dimana bates-bates kanagaraan teh tos ipis, ruang sareng waktos
teu janten masalah sareng deui dunya luar
teh asa aya dipuyuneun. Jadi urang ge tiasa terang sagala rupi nu aya di dunya.
Tina globalisasi eta naon-naon
wae nu aya dihiji belahan dunia gancang pisan sumebarna. Ku kitu na urang teh
loba pisan narima hal-hal anyar ti dunya luar. Boh informasi, gaya hirup,
kadaharan, gaya busana jeung sajabana babari pisan ditarima ku urang.
Kabudayaan asli urang oge mimitian kageser ku budaya luar.
Suku sunda, salahsahiji suku anu
gaduh seeur budaya, nu akhir-akhir ieu rada ditinggalkeun kusabab kuno. Barudak
parahyangan ayeuna seseueurna teu terang kumaha cara maen gatrik, naek kanu
enggrang, kumaha maen galah asin jeung sajabana. Naha sok ? Muhun ayeuna mah
kaulinan barudak teh tos gentos ku
gadget, unggal barudak ayeuna mah si panangan teh teu lepas tina gatget, benten
sareng barudak nu kapungkur.
Kitu oge para pemuda-pemudi
parahyangan , seseueurna tos teu terang kana budaya asli sunda. Film bioskop,
konser musik modern, drama-drama korea jeung
ayeuna mah nu janten pintonan wajib kawula muda parahyangan.
Aya sababaraha bidang kabudayaan
sunda anu geus kakikis ku kabudayaan ti luar, diantawisna:
1. Hiburan
Hiburan
ti tanah sunda loba pisan rupana, boh dina tari, lagu, jsb. Misalna wayang
golek anu khas suku sunda teh tos hese kapendak bahkan mungkin tos teun aya
penerus-perus anu bakal ngembangkeun deui wayang golek. Alat musik sepertos
angklung,calung,suling ayeuna mah tos jarang dimaenkeun. Kasenian Cigawiran oge
ayeuna mah tos jarang kadangu.
2. Bahasa
Ayeuna
mah bahasa sunda teh jarang dianggo pedah kampungan saurna mah, seuseueurna
nganggo bahasa Indonesia malah mah teu sakeudik oge nu nganggo bahasa inggris.
Muhun teu lepat lamun urang nganggo bahasa Indonesia atanapi bahasa inggris,
tapi saena urang ulah mopohokeun bahasa indung urang,bahasa sunda Tina katuangan oge tos benten ayeuna mah.Masyarakat
ayeuna mah leuwih milih jajan sosi
"Anak harus mengenal bahasa
daerahnya atau bahasa ibunya terlebih dahulu. Baru menggalakkan gerakan anak
harus Berbahasa Indonesia, setelah anak kenal bahasa daerahnya dulu," ucap
Ade. Jangankan diperkotaan, bahasa daerah di perkampungan bahkan mulai
ditinggalkan. Padahal, penggunaan bahasa daerah, dalam hal ini Bahasa Sunda
dinaggap lebih baik. Ia menyebutnya sebagai jati diri, terlebih bahasa
merupakan kekayaan tak terhingga.
3. Kaulinan
Kaulinan
budak jaman ayeuna beda jeung budak jaman baheula. Ayeunamah kaulinan teh loba
nu bersifat individu tibatan kelompom. Contona maen game online ngutek wae
sorangan rajeun maen jeung bater tetep pajauh. Beda ari baheula mah ulin the
babarengan, kekelompokan leuwih rame tur leuwih karasa ulina. Saperti maen
ucing sumput, gatrik, sondah, jeung sajabana. Kaulinan jaman baheula salian ti
rame oge numbuhkeun duduluran jeung gotong royong, silih asih silih asuh na teh
karasa pisan. Beda jeng jaman ayeuna geus jarang katempo barudak anu maen
gatrik, ucing sumput atawa nulian nu katingali teh maren hp wae.
Salaku
urang suda meni prihatin kukaayaan kabudayaan urang anu laun-laun bakal
dikapopohokeun, bakal teu aya deui anu neruskeun. Ku kituna hayu sadaya dul;ur
urang sami-sami kembangkeun deui kabudayaan Indonesia khusna kabuudayaan sunda.
Urang tunjukeun yen kabudayaan urang the henteu kuno, henteu kadal
(kadaluarsa).
Sautik
parobahan tidiri urang sewing-sewang piceun anggapan yen kabudayaan sunda the
kuno, kembangkeun deui kabudayaan anu tos lami teu kasorang di ramekeun deui.
Kelompok Bahasa Sunda
XII MIPA 3
Agis M. Abqori
Anggi Siti Fatimah
Anita Yulia A.
Elma Eliyana
Elvan Yoan F.
Fitri Rahmawati
Istiqomah Nurrobiatun N.
Selani Nurrohmah

